2 Raja-raja 9
Dina waktu eta Nabi Elisa nyaur hiji nabi ngora, saurna, "Geura dangdan, kudu ka Ramot wewengkon Gilad. Bawa ieu minyak jetun ka ditu.
Panggihan Yehu putra Yosapat putu Nimsi. Bawa misah ti nu sejen, ajak ka kamar paduduaan.
Kucurkeun ieu minyak kana sirahna. Sebutkeun kieu, ‘Andika ku PANGERAN dilisahan jadi raja nagara Israil,’ sanggeus kitu hidep kudu buru-buru gancang nyingkah ti ditu."
Bral nabi ngora teh iang ka Ramot.
Barang datang kasampak Yehu keur babadamian jeung kapala-kapala balad. Pok eta nabi mihatur, "Pangapunten Juragan, aya wartos kangge Juragan." Saur Yehu, "Pikeun saha? Saha anu dimaksud?" Pihaturna, "Juragan!"
Yehu cengkat tuluy ka jero kamar. Sanggeus aya di jero kamar seug sirahna ku nabi dikucuran ku minyak. Kieu pihatur eta nabi, "PANGERAN Allah Israil ngandika, ‘Maneh ku Kami dilisahan jadi raja nyangking umat Kami Israil.
Raja dunungan maneh, anak Ahab, paehan, wawales ti Kami ka Isebel anu geus maehan nabi-nabi Kami jeung abdi-abdi Kami lianna.
Sakulawarga Ahab katut turunanana kudu tumpur. Sakur ahlina anu lalaki, kolot, ngora, ku Kami bakal ditumpes.
Ku Kami rek disaruakeun jeung ahli-ahlina dua raja Israil, Raja Yarobam jeung Raja Baasa.
Isebel moal manjing kubur, bangkena sina dihakan ku anjing di wewengkon Yisrel.’" Sanggeus ngomong kitu nabi ngora teh kaluar tuluy lumpat.
Yehu kaluar nyampeurkeun deui kanca-kancana anu nararos kieu, "Kumaha teu kieu-kieu? Bade naon eta nu burung teh, ngomong naon?" Saur Yehu, "Ah, aranjeun geus aruninga."
Ceuk para perwira kanca-kanca Yehu, "Terang ti saha! Cobi carioskeun kumaha ngomongna eta jalma teh." Waler Yehu, "Nya eta sanggemna teh, kieu pangandika PANGERAN, ‘Maneh ku Kami dilisahan jadi raja Israil.’"
Para perwira kanca-kanca Yehu teu talangke ngalamparkeun jubahna kana umpak tangga pangluhurna anu ditincak ku Yehu, tuluy nariup tarompet, ger sarurak, "Yehu jumeneng raja!"
Sanggeus kitu Yehu pasini ngamusuh ka Raja Yoram. Raja Yoram harita aya di Yisrel keur nambakeun tatu-tatuna urut perang di Ramot ngalawan Raja Hasael ti Siria tea. Saur Yehu ka para perwira kancana, "Urang parantos sahate. Kade ulah aya jalma molos kaluar ti Ramot, heug mopoyanan ka nu araya di Yisrel."
(9:14)
Yehu terus kana kareta seja muru ka Yisrel. Ari Raja Yoram harita tacan damang, keur dilayad keneh ku Raja Ahasia.
Pangawal anu keur kemit di munara pangawas di Yisrel nenjoeun ka aleutan Yehu, tuluy ngagero, "Aya nu ka dieu saaleutan!" Saur Yoram, "Papag ku nu tumpak kuda! Sidikkeun, batur atawa musuh."
Jelema anu diutus terus kaluar tumpak kuda mapag Yehu, pok mihatur, "Kaula utusan raja. Raja palay uninga andika teh kanca atawa sanes." Saur Yehu, "Maneh teu kudu nyaho! Hayoh biluk ka kami!" Kawal di munara pangawas lapor yen utusan geus amprok jeung aleutan, tapi henteu balik deui.
Ngirim deui utusan sejen, pok ngomong ka Yehu cara nu ti heula. Yehu oge ngawalonna kawas tadi, "Maneh teu kudu nyaho! Hayoh biluk ka kami!"
Ku nu kawal dilaporkeun deui yen utusan geus amprok jeung aleutan tapi henteu datang deui. "Kapala aleutanana tumpak kareta, ngajalankeunana sapertos anu kasurupan, rupina mah sapertos Yehu!" ceuk nu kemit.
"Pasang kareta kami!" saur Raja Yoram. Ti dinya clak anjeunna kana kareta, bareng jeung Raja Ahasia dina karetana ku anjeun, tuluy maju mapag Yehu. Prok amprok di lebah lahan Nabot.
"Anjeun teh rek niat hade?" saur Raja Yoram. Saur Yehu, "Rek niat hade kumaha sapanjang di dieu loba keneh elmu nu nyarembah ka brahala, anu dimimitian ku si Isebel indung maneh?"
"Aduh Ahasia, urang kalejokeun!" Yoram ngagero ka Ahasia bari malikkeun karetana terus kabur.
Yehu ngawengkang gondewa sataker tanaga. Jamparingna ngabelesat, keuna kana pungkur Raja Yoram, tembus kana angenna. Bluk Yoram tibeubeut dina kareta, terus pupus.
Yehu ngalahir ka Bidkar, pangawal utamana, "Angkat bangkena, balangkeun ka lahan Nabot. Maneh tangtu inget keneh basa urang tumpak kuda tukangeun Raja Ahab bapana Raja Yoram. Harita PANGERAN geuning ngandika ka Ahab, pangandika-Na,
‘Kami kamari ningali Nabot saanak incuna dipaehan. Kami sumpah, maneh oge ku Kami rek dipaehan di dieu, di kebon ieu!’ Geuwat bangkena angkat," saur Yehu, "balangkeun ka lahan Nabot, nekanan timbalan PANGERAN."
Raja Ahasia barang ningali eta kajadian terus kabur dina karetana, muru ka kota Bet Hagan, diudag-udag ku Yehu. "Manehna oge paehan!" saur Yehu ka baladna. Sanggeus nepi ka jalan anu terus ka Gur, Ahasia beunang deukeut Yiblam, sarta tatu. Tapi nguat-nguat anjeun nepi ka kota Megido. Barang nepi ka dinya terus pupus.
Layonna ditareang ku ponggawa-ponggawana, dibawa ka Yerusalem dina kareta. Tuluy dimakamkeun di makam karajaan di Kota Daud.
Ahasia mimiti jadina raja dina taun kasabelas Yoram putra Ahab ngarajaan nagara Israil.
Yehu cunduk ka Yisrel. Kajadian-kajadian anu tadi geus kauninga ku Isebel. Isebel tuluy diwedak, socana disipat, rambutna didangdanan, terus nempo ka jalan tina jandela karaton.
Barang Yehu lebet ngalangkung gapura, Isebel ngagero, "Euy, Simri! Tukang maehan! Rek naon ka dieu?"
Yehu tanggah, tuluy ngalahir, "Saha nu daek biluk ka kami?" Aya dua tilu ponggawa karaton anu ngelolkeun sirah tina jandela, nempo ka anjeunna di handap.
Yehu ngalahir, "Jongklokkeun eta awewe!" Gebut diragragkeun, getihna muncrat kana tembok jeung kana kuda. Yehu ngajalankeun karetana digelengkeun ka Isebel.
Geus kitu sup Yehu lebet ka karaton, tuluy tuang. Reres tuang kakara anjeunna marentah, saurna, "Urus bangke eta awewe jahat teh, kuburkeun, da anak raja eta teh."
Tapi barang rek dikubur bet geus teu aya, kari tangkorekna, tulang suku jeung tulang leungeun.
Tuluy diunjukkeun ka Yehu. Ari saur Yehu, "Tinekanan sakumaha timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Elias abdi-Na. Kapan timbalana-Na teh, ‘Bangke Isebel sina dihakan anjing di wewengkon Yisrel,
sesa-sesa awakna bacacaran lir kokotor sato, nepi ka moal aya anu boga panyana yen eta sesa awakna.’"